Rabu, 27 Januari 2010

pupuh pucung

pupuh pucung
laras : salendro
surupan : 1 = tugu

*bebas wirahma*
hayu batur urang diajar sing suhud (12U)
ulah lalawora (6a)
bisi engke henteu naek (8e)
batur seuri urang sumegruk nalangsa (12a)

*tandak panambih*
gerakan : sedeng

hayu batur
urang di ajar sing suhud
ulah lalawora
bisi engke henteu naek
batur seuri
urang sumegruk nalangsa

pupuh dangdanggula

pupuh dangdanggula
laras : pelog
surupan : sorog (1=panelu)

*bebas wirahma*
lambang R.I. jero ngandung harti (10i)
lamun bener di amalkeunana (10a)
persatuan tangtu tembong (8o)
teu cukup ku disebut (7u)
atawa na apal na biwir (9i)
bhineka tunggal ika (7a)
maksudna gumulung (6u)
kabeh seler-seler bangsa beda-beda (12a)
tatapi asal sa getih (8i)
beda tapi sa asal (7a)

*tandak panambih*
hiji basa hiji bangsa
basa bangsa indonesia
hiji bangsa hiji nusa
nusa tunggal nusantara
seler-seler suku bangsa
ti wewengkon mana-mana
suka-suka sakaduka
wujud bangsa indonesia

pupuh asmarandana

pupuh asmarandana
laras : pelog / degung
surupan : 1 = tugu

*bebas wirahna*
aya nu lumpuh musapir (8i)
bari sila sisi jalan (8a)
kadupak ku anu lolong (8o)
anu eukeur balangsiar (8a)
neangan sandang pangan (7a)
anu lolong ngebut labuh (8u)
nu kadupak katindihan (8a)

*tandak panambih*
nu lolong teu bisa bninggal
nu lumpuh teu bisa leumpang
mun pareng pada barengal
antukna pa bedang bedang

pupuh sinom

pupuh sinom
laras : Madenda / nyorog
surupan : 4 = tugu

*bebas wirahma*
harta pada nareangan (8a)
harti pada nyararungsi (8i)
sabab duanana guna (8a)
harti bisa mere bukti (8i)
harta pon kitu deui (7i)
bisa ngabul nu dimaksud (8u)
nedunan sa kahayang (7a)
tapi harta gampang leungit (8i)
mungguh harti magpaat dunya akherat (12a)

*tandak panambih*
harta pada nareangan
harti pada narambahan
harta harti sarwa guna
pada bisa mere bukti
bisa hasil sapaneja
sok nyumponan cita-cita
harta-harati sok mangpaat
dapon di raksa taliti

pupuh kinanti

pupuh kinanti
laras salendro
surupan : 1 = tugu

* bebas wirahma*
dag-dig-dug sora bedug (8u)
nu adan patarik-tarik (8i)
wnci subuh sedeng hudang (8a)
geusan solat tanda bakti (8i)
sumembah kanu kawasa (8a)
nu ngajaring beurang peuting (8i)

*tandak panambih*
sora bedug karungu dag-dig-dug
wanci subuh kaum muslimin nyararing
solat bakti kanu maha suci
nu ngajaring nangtayungan beurang peuting

17 pupuh

pupuh ada 17 beserta dengan lagu-lagunya yang sesuai dengan garapan seni karawitan sunda pada umumnya.pupuh bukan hanya untuk dimiki, tetapi juga perlu di kembangkan lagu-lagunya, dikemudian hari setiap pupuh bisa mempunnyai minimal 3-4lagu. adapun 17 pupuh diantaranya :
1. pupuh kinanti
2. pupuh sinom
3. pupuh asmarandana
4. pupuh dangdanggula
5. pupuh pucung
6. pupuh maskumambang
7. pupuh magatru
8. pupuh balakbak
9. pupuh ladrang
10.pupuh lambang
11.pupuh mijil
12.pupuh wirangrong
13.pupuh gurisa
14.pupuh juru denmung
15.pupuh gambuh
16.pupuh pangkur
17.pupuh durma

Senin, 25 Januari 2010

reog



reog bukan hanya ada di masyarakat jawa timur. reog juga terdapat di jawa barat. reog disini adalah paduan antara gerak, tari, lagu dan juga kritikan baik tentang sosial, politik, maupun budaya. konon reog sudah ada pada jaman wali songo dan di jadikan media untuk dakwah dalam bentuk seni.
namun sayangnya keberadaan reog saat ini sudah hampir punah karena para generasi muda saat ini seakan tidak peduli dengan keberadaanya.