Rabu, 27 Januari 2010

pupuh dangdanggula

pupuh dangdanggula
laras : pelog
surupan : sorog (1=panelu)

*bebas wirahma*
lambang R.I. jero ngandung harti (10i)
lamun bener di amalkeunana (10a)
persatuan tangtu tembong (8o)
teu cukup ku disebut (7u)
atawa na apal na biwir (9i)
bhineka tunggal ika (7a)
maksudna gumulung (6u)
kabeh seler-seler bangsa beda-beda (12a)
tatapi asal sa getih (8i)
beda tapi sa asal (7a)

*tandak panambih*
hiji basa hiji bangsa
basa bangsa indonesia
hiji bangsa hiji nusa
nusa tunggal nusantara
seler-seler suku bangsa
ti wewengkon mana-mana
suka-suka sakaduka
wujud bangsa indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar